Geng Onar Jadi Pahlawan
 by: Liezkha

Di hiji lembur kacaritakeun aya barudak anu kacida balangorna. Ngaranna Udin, Samsu, Kipli, jeung Umar. Pagawéanana nyieun onar dilembur. Nepi ka urang lembur mah ngalandi barudak eta téh Geng Onar. Cigana lamun teu nyieun onar sapoé ogé arateul haying nyieun onar. Tapi, sanajan bangor gé  éta barudak téh ari otakna mah lumayan jeung rarajin deuih barudakna. Ngan nyéta ku bangorna éta barudak téh loba nu mikangéwa. Upamana lamun ngaji gé sapoé-sapoé na téh sok kalah ngahereyan batur nu keur serius merhatikeun pelajaran atawa lamun balik ngaji sok nyumputkeun sendal batur nu alus, ari sendal nu goréng mah tara disumputkeun. Malah sendal guru ngajina gé pernah di sumputkeun. Poé ayeuna waé giliran Yayan nu jadi korban kabangoran Géng Onar. Ciga biasana, lamun ngajina geus réngsé sok sarolat berjamaah heula. Dina waktu batur sarolat Géng Onar mh sok kalabur balik ti heula. Kabur gé tara langsung balik, unggal aya sendal nu anyar atawa alus ku maranéhna sok d sarumputkeuen heula.
            “Euyy...aya sendal nu alus, urang sumputkeunlah !” ceuk Samsu.
            “Sendal nu mana ?” témbal Kipli.
            “Éta nu di teundeunna di juru, naha ku manéh teu katinggali ?” ceuk Samsu bari nuduhkeun sendal nu di juru.
            “Heueuh matak nanyakaeun gé teu ninggali, lamun ninggali mah moal nanyakeun,” Kipli nyentak ka Samsu.
“Nya geus baé tong paséa waé, urang cokot w sendalna ku urang,”            témbal Umar bari lempang rék nyokot sendal nu di juru.
Umar langsung nyokot sendal nu di juru, tuluy di témbongkeun kanu séjén. Kaciri Udin ciga nu wawuh ka éta sendal téh. Ku Udin di ulak-ilik éta sendal nepi kanu hal anu leutik. Nu séjén ngaharuleung, pinuh tanda tanya.
“Kunaon manéh téh Din, kalah di ulak-ilik sendal téh, apan rék disumputkeun.” Ceuk Samsu.
“Ieu mah sendalna si Yayan, anyar deuih karék tadi meulina gé jeung indungna.” Témbal Udin.
Kipli langsung nempas, ”Haaarrrr…..naha manéh bisa nyaho éta sendalna anyar, naha manéh téh dukun kitu Din.”
Nu séjén ngan saukur seuri.
“Apan tadi pas nganteur lanceuk balanja, urang nempo si Yayan keur meuli sendal éta jeung indungna.”
“Sugan the manéh bisa ngaramal.” Ceuk nu tiluan babareungan.
“Heueuh baé ayeuna mah tong di pikiran soal sendal saha-saha na mh atawa rék meuli jeung indungna, jeung akina jeung saha baé teu paduli urang mh, bongan saha maké sendal alus jadi urang sirik. Nya wayah na wé ayeuna mah kun urang rék di sumputkeun.” Témbal Samsu.
“Ayeuna ieu sendal di sumputkeuna rék di mana?” ceuk Udin bari ngajijingjing sendal.
Nu séjén ngaharuleung mikiran tempat nu alus jang tempat nyumputkeun sendal.
“Di jero bedug wé sumputkeuna, éta tempatna alus jang nyumputkeun sendal mah.” Umar méré pendapat.
“Heueuh sok atuh burukeun didinya wé, urang hayang buru-buru balik geus tunduh yeuuh.” Ceuk Udin bari heuay.
“Ah dasar manéh mah Din, tumor alias tukang molor.” Ceuk Kipli.
Nu séjén nyakakak ngadéngé Kipli nu ngomomg kitu.
Udin langsung némbalan, “Keun baé tumor gé da ari tunduh mah rék dikumahakeun deui.”
Sendal Yayan di teundeun di jero bedug bari di turuban ku elap sangkan teu katinggali. Langsung waé maranéhna mah arindit balik.
Nu sholat geus barérés. Ari témpo Yayan rék maké sendal, manéhna héran naha éta sendal euweuh di tempatna.
“Aya nu ninggali sendal urang teu ?” ceuk Yayan bari tuluy néangan.
Nu aya didinya gararideug. Yayan teu putus hareupan, ku manéhna tuluy ditéangan nepi ka éta sendal kapanggih di jero bedug bari ditutupan ku elap. Geus kapanggih sendal mah Yayan langsung balik. Tapi, manéhna mah teu sugan aya rasa ambek sanajan manéhna geus nyaho yén anu nyumputkeun sendalna éta Géng Onar. Bubuhan budakna sholéh matak pantes teu ambek gé.
Isukna, kadéngé gujrud di lembur Bu Enok kapalingan televisi. Loba nu ngomong mah lembur téh geus teu aman, matak urang lembur kudu lewih tarapti, utamana dina waktu tipeuting.
Bu Enok téh awéwé tengah tuwuh, ari di imah ngan sorangan da ditinggal maot ku salakina, Toga anak ngan hiji-hijina di gawé jadi karyawan pabrik di kota. Atuh puguh wé kaleungitan televisi téh keur Bu Enok mah kawas nu ditinggal maot ku sobat dalit. Tidinya, bangsat the ngabongkar warung Kang Jana, tapi ari nu dicokotna mah ngan radio wungkul. Teu kungsi lila ti harita, Bi Itoh beurangna katamuan ku urang dayeuh, ngomongna mah rék néangan sawah beulieun. Bi Itoh téh percaya baé nempo sémah nu hadé tagog, bubuhan urang kota téa, datangna ogé maké motor sorangan heunteu kana ojég. Tapi sabot Bi Itoh ka dapur rék nyuguhan cikopi, sémah geus euweuh bari ngajéwang radio anyar tina luhur bupét di ruang tamu.
Pasosoré Geng Onar mulang ti lapang nu deukeut kebon awi tas maén bal.
Ti lembur ka lapang téh kurang lewih aya kana lima kilo méterna. Harita mulang ti lapang téh geus reupreupan. Lamun leumpang mapay jalan désa-désa jauh lantaran kudu muter, tangtu bakal kapoékan di jalan. Sangkan téréh nepi, saréréa sapakat rék motong jalan, najan bari kudu norobos meuntasan kebon ganas.
Leumpang bari ngobrol jeung guguyon mah teu pati karasa capé, teu karasa geus aya di tengah-tengah kebon ganas. Keur jongjon leumpang bari nyingraikeun dahan, nu di hareup ngarandeg.
“Huy, tong rundag-randeg. Buru bisi kapoékan !” Umar ngagorowok.
Udin nu leumpang panghareupna masih kénéh ngajanteng kawas manggihan nu anéh. Tuluy malik ka tukang bari ngacungkeun curuk kana biwirna, tanda saréréa kudu jempé ulah aya nu ngomong. Udin tuluy cingogo nyidik-nyidik papanggihanana. Saréréa reuwas, geuning na rungkun tangkal ganas bet aya radio jeung televisi. Sakedapan saréréa ngahuleung, moal salah deui ieu téh barang menang maling, ku bangsatna ngahaja di sumputkeun heula didieu.
“Kumaha ?” Samsu ménta pamanggih.
“Urang laporkeun ka pa Lurah.”
“Ke heula, salian ti lapor téh kuduna mah bari néwak bangsatna.”
“Kumaha carana ?” ceuk Kipli.
“Alusna mah ieu barang ulah waka bawa, tapi sakalian intip bangsatna.”
“Satuju !” ceuk saréréa.
Bring saréréa muru kantor désa, kasampak Mang Jaka pulisi désa keur nginum cikopi. Basa laporan yén aya papanggihan di kebon ganas téh kageteun.
“Bener tatéh ?” pokna bari muncereng.
“Leres atuh, Mang! Piraku ngawadul pan bieu téh ti ditu.” Umar némbalan.
“Heueuh! Keur ditéangan éta téh. Alus pisan. Keun néwakna mah bagéan Emang jeung batur-batur, hidep anggur geura baralik kaburu burit!”
Peutingna Mang Jaka jeung Hansip ti désa mariksa kebon ganas. Enya baé, bangsatna beunang, kitu deui barang-barang meunang malingna ogé kabawa deui. Aya leuwihna, ku Mang Jaka diuaruar, yén anu boga jasa mah Géng Onar. Urang lembur kagéteun ngadéngé berita ti Mang Jaka. Sabab éta barudak téh kasohor bangorna. Ayeuna maranéhna jadi pahlawan lembur. Atuh urang lembur téh pada maruji ayeuna mah ka Géng Onar téh. Hebat cenah.

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

0 komentar:

Posting Komentar