Geng Onar Jadi Pahlawan
by: Liezkha
Di hiji lembur
kacaritakeun aya barudak anu kacida balangorna. Ngaranna Udin, Samsu, Kipli,
jeung Umar. Pagawéanana nyieun onar dilembur. Nepi ka urang lembur mah ngalandi
barudak eta téh Geng Onar. Cigana lamun teu nyieun onar sapoé ogé arateul
haying nyieun onar. Tapi, sanajan bangor gé
éta barudak téh ari otakna mah lumayan jeung rarajin deuih barudakna.
Ngan nyéta ku bangorna éta barudak téh loba nu mikangéwa. Upamana lamun ngaji
gé sapoé-sapoé na téh sok kalah ngahereyan batur nu keur serius merhatikeun
pelajaran atawa lamun balik ngaji sok nyumputkeun sendal batur nu alus, ari
sendal nu goréng mah tara disumputkeun. Malah sendal guru ngajina gé pernah di
sumputkeun. Poé ayeuna waé giliran Yayan nu jadi korban kabangoran Géng Onar.
Ciga biasana, lamun ngajina geus réngsé sok sarolat berjamaah heula. Dina waktu
batur sarolat Géng Onar mh sok kalabur balik ti heula. Kabur gé tara langsung
balik, unggal aya sendal nu anyar atawa alus ku maranéhna sok d sarumputkeuen
heula.
“Euyy...aya
sendal nu alus, urang sumputkeunlah !” ceuk Samsu.
“Sendal
nu mana ?” témbal Kipli.
“Éta
nu di teundeunna di juru, naha ku manéh teu katinggali ?” ceuk Samsu bari
nuduhkeun sendal nu di juru.
“Heueuh
matak nanyakaeun gé teu ninggali, lamun ninggali mah moal nanyakeun,” Kipli
nyentak ka Samsu.
“Nya geus baé
tong paséa waé, urang cokot w sendalna ku urang,” témbal Umar bari lempang rék nyokot sendal nu di juru.
Umar langsung
nyokot sendal nu di juru, tuluy di témbongkeun kanu séjén. Kaciri Udin ciga nu
wawuh ka éta sendal téh. Ku Udin di ulak-ilik éta sendal nepi kanu hal anu
leutik. Nu séjén ngaharuleung, pinuh tanda tanya.
“Kunaon manéh téh
Din, kalah di ulak-ilik sendal téh, apan rék disumputkeun.” Ceuk Samsu.
“Ieu mah sendalna
si Yayan, anyar deuih karék tadi meulina gé jeung indungna.” Témbal Udin.
Kipli langsung
nempas, ”Haaarrrr…..naha manéh bisa nyaho éta sendalna anyar, naha manéh téh
dukun kitu Din.”
Nu séjén ngan
saukur seuri.
“Apan tadi pas
nganteur lanceuk balanja, urang nempo si Yayan keur meuli sendal éta jeung
indungna.”
“Sugan the manéh
bisa ngaramal.” Ceuk nu tiluan babareungan.
“Heueuh
baé ayeuna mah tong di pikiran soal sendal saha-saha na mh atawa rék meuli
jeung indungna, jeung akina jeung saha baé teu paduli urang mh, bongan saha
maké sendal alus jadi urang sirik. Nya wayah na wé ayeuna mah kun urang rék di
sumputkeun.” Témbal Samsu.
“Ayeuna
ieu sendal di sumputkeuna rék di mana?” ceuk Udin bari ngajijingjing sendal.
Nu
séjén ngaharuleung mikiran tempat nu alus jang tempat nyumputkeun sendal.
“Di
jero bedug wé sumputkeuna, éta tempatna alus jang nyumputkeun sendal mah.” Umar
méré pendapat.
“Heueuh
sok atuh burukeun didinya wé, urang hayang buru-buru balik geus tunduh yeuuh.”
Ceuk Udin bari heuay.
“Ah
dasar manéh mah Din, tumor alias tukang molor.” Ceuk Kipli.
Nu
séjén nyakakak ngadéngé Kipli nu ngomomg kitu.
Udin
langsung némbalan, “Keun baé tumor gé da ari tunduh mah rék dikumahakeun deui.”
Sendal
Yayan di teundeun di jero bedug bari di turuban ku elap sangkan teu katinggali.
Langsung waé maranéhna mah arindit balik.
Nu
sholat geus barérés. Ari témpo Yayan rék maké sendal, manéhna héran naha éta sendal
euweuh di tempatna.
“Aya
nu ninggali sendal urang teu ?” ceuk Yayan bari tuluy néangan.
Nu
aya didinya gararideug. Yayan teu putus hareupan, ku manéhna tuluy ditéangan
nepi ka éta sendal kapanggih di jero bedug bari ditutupan ku elap. Geus
kapanggih sendal mah Yayan langsung balik. Tapi, manéhna mah teu sugan aya rasa
ambek sanajan manéhna geus nyaho yén anu nyumputkeun sendalna éta Géng Onar.
Bubuhan budakna sholéh matak pantes teu ambek gé.
Isukna,
kadéngé gujrud di lembur Bu Enok kapalingan
televisi. Loba nu ngomong mah lembur téh geus teu aman, matak urang lembur kudu
lewih tarapti, utamana dina waktu tipeuting.
Bu
Enok téh awéwé tengah tuwuh, ari di imah ngan sorangan da
ditinggal maot ku salakina, Toga anak ngan hiji-hijina di gawé jadi karyawan pabrik di kota. Atuh puguh wé kaleungitan televisi téh keur Bu Enok mah kawas nu ditinggal maot ku
sobat dalit. Tidinya, bangsat the ngabongkar warung Kang Jana, tapi ari nu
dicokotna mah ngan radio wungkul. Teu kungsi lila ti harita, Bi Itoh beurangna
katamuan ku urang dayeuh, ngomongna mah rék néangan sawah beulieun. Bi Itoh téh percaya baé nempo sémah nu hadé tagog, bubuhan urang kota téa, datangna ogé maké motor sorangan heunteu kana ojég. Tapi sabot Bi Itoh ka dapur rék nyuguhan cikopi, sémah geus euweuh bari ngajéwang radio anyar tina luhur bupét di ruang tamu.
Pasosoré Geng Onar mulang ti lapang nu deukeut kebon
awi tas maén bal.
Ti
lembur ka lapang téh
kurang lewih aya kana lima kilo méterna. Harita mulang ti lapang téh geus reupreupan. Lamun leumpang mapay jalan
désa-désa jauh lantaran kudu muter, tangtu bakal kapoékan di jalan. Sangkan téréh nepi, saréréa sapakat rék motong jalan, najan bari kudu norobos
meuntasan kebon ganas.
Leumpang
bari ngobrol jeung guguyon mah teu pati karasa capé, teu karasa geus aya di tengah-tengah kebon
ganas. Keur jongjon leumpang bari nyingraikeun dahan, nu di hareup ngarandeg.
“Huy,
tong rundag-randeg. Buru bisi kapoékan !” Umar ngagorowok.
Udin
nu leumpang panghareupna masih kénéh ngajanteng kawas manggihan nu anéh. Tuluy malik ka tukang bari ngacungkeun
curuk kana biwirna, tanda saréréa kudu jempé ulah aya nu ngomong. Udin tuluy cingogo nyidik-nyidik
papanggihanana. Saréréa reuwas, geuning na rungkun tangkal ganas bet
aya radio jeung televisi. Sakedapan saréréa ngahuleung, moal salah deui ieu téh barang menang maling, ku bangsatna ngahaja
di sumputkeun heula didieu.
“Kumaha
?” Samsu ménta
pamanggih.
“Urang
laporkeun ka pa Lurah.”
“Ke
heula, salian ti lapor téh
kuduna mah bari néwak
bangsatna.”
“Kumaha
carana ?” ceuk Kipli.
“Alusna
mah ieu barang ulah waka bawa, tapi sakalian intip bangsatna.”
“Satuju
!” ceuk saréréa.
Bring
saréréa muru kantor désa, kasampak Mang Jaka pulisi désa keur nginum cikopi. Basa laporan yén aya papanggihan di kebon ganas téh kageteun.
“Bener
tatéh ?” pokna bari muncereng.
“Leres
atuh, Mang! Piraku ngawadul pan bieu téh ti ditu.” Umar némbalan.
“Heueuh!
Keur ditéangan éta téh. Alus pisan. Keun néwakna mah bagéan Emang jeung batur-batur, hidep anggur geura
baralik kaburu burit!”
Peutingna Mang
Jaka jeung Hansip ti désa
mariksa kebon ganas. Enya baé,
bangsatna beunang, kitu deui barang-barang meunang malingna ogé kabawa deui. Aya leuwihna, ku Mang Jaka
diuaruar, yén anu boga
jasa mah Géng Onar.
Urang lembur kagéteun
ngadéngé berita ti Mang Jaka. Sabab éta barudak téh kasohor bangorna. Ayeuna maranéhna jadi pahlawan lembur. Atuh urang lembur téh pada maruji ayeuna mah ka Géng Onar téh. Hebat cenah.
0 komentar:
Posting Komentar